Citangis Ratri

Karya . Dikliping tanggal 16 Juni 2015 dalam kategori Arsip Cerpen, Koran Lokal, Pikiran Rakyat
“ABDI téh ayeuna gaduh hiji bonéka, teu kinten saéna sareng lucuna…” kapireng sora nu ngahariring di téras hiji mini markét. Budak  awéwé umur sapuluh taunan, buukna galing, panon cureuleuk, bajuna kuleuheu. Nyanghunjar ngalahun kérésék hideung.
“RATRI, tos emam?” Mang Hadi, tukang parkir nu leumpangna cingkeud, nyampeurkeun. Neuteup nu hahariringan semu geugeut.
Ratri gideug. Imut.  Ratri ningalian nu laleumpang bangun rusuh di trotoar, nu mareuntas ka alun-alun. Jalan keur meujeuhna ramé. Bubaran sakola. Tingalabring. Mobil jeung motor  tingbelesat. Keur Ratri mah éstu matak helok. Bubuhan karék saminggu manéhna cicing di dayeuh. Karék saminggu ninggalkeun lembur, dibawa ku Emangna nu lawas cicing di dayeuh. Rék diajak uubar cenah.
Bari humariring Ratri neuteup langit. Kapinis tingkalayang luhureun alun-alun. Girimis. Imutna mah imut, ngan aya citangis ngamalir na pipi Ratri. Diusap ku tonggong leungeun kéncana, ari leungeun katuhuna tipepereket nangkeup bonéka bérbi. Sirahna méh nyarandé kana kotak amal nu nangtung gigireun panto asup mini markét. 
“Priiiiit!” Mang Hadi niup piriwit bari ingked-ingkedan mapagkeun mobil sédan bodas anu asup ka palataran parkir. Reg. Hareupeun Ratri pisan. Mang Hadi ngasongkeun payung sabada panto hareup mobil muka. Jrut wanoja geulis. Leumpang diiuhan payung. Ngarandeg mangsa nénjo Ratri. Ngodok tas. Lung wé, kencring raragragan kana lahunan Ratri. Wanoja geulis ngaléos asup ka mini markét. Mang Hadi lumpat deui markiran mobil jeung motor nu tingkurunyung.
Ratri nyokotan kencring. Rurat-rérét. Lain diasupkeun kana kérésék hideung, kencring téh kalah diasupkeun kana kotak amal. Kotak amal tina kaca. Ratri anteng deui neuteup girimis. Neuteup kapinis nu tingkalayang luhureun alun-alun, bangun saruka bungah mandi girimis. 
Adan Asar. Girimis beuki kerep. Jul-jol. Aya nu laju geblus balanja. Aya ogé nu ukur ngadon ngiuhan di téras, dariuk dina korsi, sésana tingjaranteng. Téras mini markét saharita haneuteun. Anu ngobrol. Anu tingcakakak. Anu tingcikikik. Anu teteleponan. Anu ngalamun.
Méh saréréa ngalungkeun kencring minuhan lahunan Ratri. Siga tadi, Ratri rurat-rérét bangun anu sieun kanyahoan, ningalian sabudeureunana, méméh gagancangan ngasup-ngasupkeun kencring tina lahunan kana kotak amal lebah siraheunana. 
Nu ngariuhan kerung ningali polah Ratri. Sakedapan. Tuluy aranteng deui jeung obrolanna séwang-séwangan, hapéna séwang-séwang, lamunan séwang-séwangan. Ari Ratri ukur rut-rét wé, bangun réa kasieun,
“…ku abdi diacukkan acukna saé pisan…,” hariring Ratri ngayun ngambing bonéka bérbi .Neuteup ka jauhna. Ka langit. Bangun anu hayang maluruh sungapan hujan. Sungapan cimata. Boa néang jalan mulang ka lembur. Inget ka Aki jeung Nini nu lawas ngarawat jeung mikanyaah. Ratri mah teu apal ka indung bapa. Cek  Aki jeung Ninina mah, ngumbara ka tempat nu jauh. Jauh pisan, Kudu meuntas laut. Ratri sono ka Aki jeung Nini,
Hujan ngagebrét. Mang Hadi jibreg, teu eureun niupan piriwit,  markiran mobil jeung motor nu datang ogé nu miang. Payung nu dicekelna kalah hantem wé dipaké mayungan anu kalaluar tina mobil, ari awakna sorangan teu dipaliré. 
“Mah, pingin bonéka itu!” aya saurang budak awéwé ngerewih ka indungna bari nununjuk bonéka dina tangkeupan Ratri. Karék jol maranéhna téh dipayungan kénéh ku Mang Hadi.
“Ih, jelek itu mah! Liat, kotor begitu! Ih, jijik!” témbal indungna nu keur ngasupkeun konci mobil kana tas. Budakna keukeuh. Ceurik. Gancang ku indungna diajak asup ka jero mini markét. 
Ratri nangkeup bonéka leuwih tipepereket. Teuteupna nuturkeun budak anu semu digusur ku indungna. Budak anu tuluy nerejel. Kokoséhan hareupeun panto. Indungna taak. Budak diciwit. Lain répéh. Ceurikna tambah tarik. 
“Mamah jahaaat! Pingin boneka ituuuuu!” cek éta budak jejeritan. Gogoléran dina téhel anu baseuh jeung kotor. Indungna béak déngkak. Diolo kunaon-naon. Angger mugen. 
Nu ngariuhan asa manggih tongtonan. Nu ditongton béak kasabaran. Wirang pada narénjokeun.  Beungeutna euceuy. Kekerot. Leungeunna meureup tipepereket. Malik. Mencrong ka Ratri. Saréréa milu neuteup ka Ratri. Ratri murungkut. Tungkul. Bonéka disumputkeun dina tangkeupan. 
“Yeuh!” indung budak anu lolongséran téa ngasongkeun duit sapuluh rebu. Ratri gideug.
“Sakieu?” lambaran duit lima puluh rébuan diasong-asong ka Ratri. Ratri keukeuh embung.
“Tah! Kadieukeun bonékana!” duit saratus rébu dialungkeun kana lahunan Ratri. 
Ratri gideug bari tambah murungkut nanangkeup boneka.
“Kurang kénéh? Tah, kabéh!” ngalungkeun duit nu tadi ukur diasong-asong. Tuluy sakilat ngarebut bonéka tina tangkeupan Ratri. Budakna nu keur gogoléran jeung jejeritan dipangku harita kénéh. Regeyeng. Dibawa kana mobil. Dipaksa.  Blus. Bonéka Ratri dibabétkeun ka jero mobil. Pantona dijablogkeun. Gerung. Biur. 
Saréréa olohok. Kasima. Mang Hadi ngajanteng handapeun hujan. Curukna nunjuk kana tapak ngabelesurna mobil. Payungna ragrag. Sajongjonan siga patung. Patung rancucut.
“Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka, teu kinten saéna sareng lucuna, ku abdi diacukan acukna saé pisan, cik mangga tingali bonéka abdi.” Hawar-hawar pacampur jeung sora hujan, kapireng hariring pacampur jeung ceurik. Ratri mulungan duit dina lahunan. Dipintel-pintel. Ditangkeup, Diayun-ambing. Lalaunan diasupkeun kana kotak amal siraheunana. Kabéhanana. Taya nu nyésa. Kabéh. Ka kencring-kencing nu aya dina jero kantong kérésékna.
Ratri nginghak. Teu eureun ngahariring bari nyanghunjar. Nanangkeup nu euweuh. Ngayun ngambing nu euweuh. Panonna peureum. Citangisna ngamalir. 
 Nu ngariuhan beuki olohok. Sawaréh gogodeg. Nganaha-naha. Sawaréh ngalimba. Tapi saréréa ukur lalajo. Mangsa hujan raat. Saréréa tinglaléos. Tingkereles. Kari Ratri jeung hariringna. Jeung citangisna. 
Mang Hadi ngaronghéap mawa bungkusan. Diteundeun gigireun Ratri. Mang Hadi ngusapan buuk Ratri. Ngusap  pipi Ratri. Rentang-rentang aya mobil nu rék asup. Mang Hadi ingked-ingkedan ninggalkeun nu anteng humariring bari peureum. Dur Magrib. Ratri humariring kénéh. Peureum kénéh. Nyanghunjar kénéh. Dina lahunanna geus réa kencring jeung duit lambaran. 
Téras mini markét simpé. Lampu-lampu nungtutan dicaangkeun. Alun-alun hurung-hérang. Dayeuh agréng.
Ti lebah alun-alun aya lalaki gundul meuntas rurusuhan. Leumpang ngagedig muru Ratri. Barang srog. Gogodeg. Duit dina lahunan Ratri dipulungan. Diitung. Rét kana kérésék hideung. Gancang dicokot. Ditingalian. Kosong. Kerung. Gap kana bungkusan paméré Mang Hadi. Lalaki gundul neuteup seukeut ka Ratri.
Teu basa teu carita, regeyeng Ratri dipangku. Dibawa meuntas jalan. Alun-alun. Kebat dipapangku. Meuntas deui jalan. Mapay trotoar. Ngaliwatan toko-toko. Séséléket bubuhan réa nu laleumpang di trotoar. Sup ka hiji gang. Imah-imah padedet, siga anu tingperejel. Lebah pertelon gang, mengkol ka gang nu leuwih leutik. Leuwih padedet. Terus leumpang bangun rek nepi ka tungtung. Jempling. Ngarandeg hareupeun hiji imah panggung badag. Cakueum.  
“Buka panto!” cek lalaki nu mangku Ratri.
Panto muka. Di patengahan nyampak réa budak saumuran Ratri, sawaréhna malah laleutik kénéh pisan. Keur ngarariung. Panto-panto kamar ngaliglag. Blus. Nu ngarariung malundur, ngumpul di juru. Ratri diécagkeun. 
“Ratri, sapoé ayeuna ngan meunang lima belas rébu pérak? Tuh, nu séjén mah aya nu meunang saratus rébu.” cek éta lalaki kekerot, panonna molotot. Nu ngarumpul di juru marurungkut. 
Ratri kalah humariring bari angger peureum.
“Jempé, Ratri! Jawab heula, dikamanakeun duit nu séjénna? Maenya ngan sakitu?” lalaki gundul beuki harus sorana. Ratri humariring nanangkeup nu euweuh.
 “Jawab, Ratri! Pasti diasupkeun deui kana kotak amal nya? Pan ku aing geus dibéjaan. Nu kitu mah lain céngcéléngan. Lain céngcéléngan, Ratri!. Dikukut téh lain matak untung kalah matak buntung. Paingan Nini jeung Aki manéh nyérénkeun.” Nu nyarekan tutunjuk.. Ratri humariring ngayun ngambing nu euweuh.
“Na ari manéh, Ratri! Keur teu bisa leumpang téh réa pisan péta! Déngékeun ku kabéhan! Peuting ieu nepi isuk si Ratri ulah dibéré dahar. Ulah dibarengan. Antep sina saré di dieu. Inget, lamun aya nu kapanggih méré dahar, aya nu kapanggih maturan. Nasibna bakal siga si Ratri.” sora peureup diadu kana dampal leungeun mungkas kalimat. Léos si lalaki asup ka salah sahiji panto kamar.  
Srog anu ngariung di juru téh muru Ratri. 
“Ratri, kunaon?”cek nu saurang ngaharéwos.
“Ratri, beunta atuh?” cek nu saurang deui.
“Ratri, mana si bérbi?” cek anu séjénna.
“Hayu urang mandian heula, karunya. Iyy, ka alona waé wani nyiksa komo ka urang-urang anu dipulung ti jalan.” cek anu séjénna deui bari rék mangku. Saréréa maju rék mantuan mangku.
“Antep! Arasup kamar. Saré!” gantawang sora ti jero kamar.
Jep. Reg. Saréréa ngajengjen.
“Asup ka kamar! Isuk gawé!” gorowok deui beuki narikan.
Di patengahan,  anu ngarariung Ratri semu bingung. Silih pelong. Ari ti jero kamar laju kadéngé sora léngkah. Buriak. Saréréa tingberetek arasup ka kamar. Tingarelol sirah tina lawang-lawang panto ngintip Ratri.
Ratri nu anteng humariring. Nyorangan di patengahan. Nyanghunjar. Nyarande kana bilik. Nangkeup nu euweuh. Ngayun ngambing nu euweuh. Panonna angger peureum. Citangisna angger ngamalir. Di luar, kapireng sora girimis. Beuki lila beuki kerep. Lir citangis Ratri. 
“Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka…” ***
Kedungpanjang, 2015
Toni Lesmana, alamat lingkungan kedungpanjang 88 RT 03/02 Maleber – Ciamis 46214.
Rujukan:
[1] Disalin dari karya Toni Lesmana
[2] Pernah tersiar di surat kabar “Pikiran Rakyat” pada 14 Juni 2015
  
Beri Nilai-Bintang!